Progres Merangkai Besi Buat Tiang Masjid Al-Falah Gandol Cicadas

Bismillah Alhamdulillah dinten ayena mulai ngawitan ngarangkei besi kango tihang tihang masjid Al Falah lantei dua

teras Alhamdulillah Alhamdulillah Alhamdulillah,Gerakan Berwakaf Berkah Istiqomah, GEBER BERKAH atanapi kegiatan jemput wakaf kango pangwangunan masjid Al Falah Lantei dua Dina dinten Ahad 23 Februari 2025 ngempel artos 632 rebu rupia, Alhamdulillah

haturnuhun Kanu TOS nitip wakaf samudaya wargi dilingkungan Gandol Cicadas RW 05 Desa Dukuh kecamatan ibun, urang sami sami ngihtiaran pangwangunan masjid alfalah lantei dua, numana diperyogiken kango jemaah istri utamina nalika sholat idul Fitri sareng sholat idul adha
InsyaAlloh Alloh Maha Uninga Kana satiap niat amal ibadah urang sadayana, rejekina NU parantos diwakaf pasti pasti janten amal jariyah investasi jariyah tanpa batas, nya mugia pada disehatken, dibarokahken diberlimpahken rejekina, Aamiinn Yaa Alloh Yaa Robbal Alamin

Ayana program pangwangunan Masjid ieu sanes Bade nambihan beban sadayana tapi justru nambihan manjangken peluang kango urang sadayana tiasa investasi kango nabung amal pahala jariyah disurga, ngawangun rorompok disawarga

Alloh moal sulaya Kana janji Mantena, kantun urang ngalurusken niat Dina samudaya pergerakan pangwangunan masjid Al Falah Gandol Cicadas ieu,

jazakumulloh Khoiron Katsiro Barokallohulakum Aamiin